Cari Blog Ini

Tunggara Diri



Rek kasaha.. jeung kamana
Kuring leumpang jeung nyalindung
Indung Bapa ges teu boga
Tos teu aya di alam dunya

Ku teu sangka.. jeung teu nyana
Nu tumiba kanasib diri
Gening bet kieu jadina
Hirup di dunya teu aya hartina

Mun seg masih keneh aya
Moal rek katalangsara 
Lieuk dengeun lieuk Lain
Jajauheun ka baraya

Nu aya ukur tunggara
ras inget ka indung bapa

Diri kasiksa
Bathin ceurik ku nalangsa
Na.. dimana duh ayana
Na.. kamana milarina
Nu jadi indung jeung bapa
Ges ninggalkeun alam dunya


kanggo Ema Bapa... 



Web hosting